Misterius


Misterius

"Kamar 19 kosong ?" cek Udin Sarundenk nanya ka patugas hotel.

"Kaleresan kosong pa!" ceuk petugas hotel.

"Di boking sawengi  nya... Tapi Abdi bd nambut Batu asahan sareng peso sakantenan.... Nyungkeun tambang plastik nu warna biru srg nu bodas sameteran we! ". Ceuk eta jang Udin Tokecang. 

Patugas hotel rada heran keur naon eta barang tapi teu burung mere.
Kusabab panasaran nya peting na eta petugas hotel ngadedengekeun di kamar sebelah.  Kadenge sora nu ngalengis jg sora nu ting geledug kanu tembok. Isuk2 knh eta tamu nges kaluar bari mulangkeun barang2 nu di injem bari jg mere tif ka badboy nu lumayan gede.  Tp aneh waktu dipariksa kamarna eweuh nu nyurigakeun kamar rapih ewuh tanda2 nu nyurigakeun. 

2 Bulan tiharita Mang Udin Hui boled datang deui sarua nanyakeun kamar 19...nya kitu ngijeum Batu asahan,  peso jg tambang, nepi ka 3 kali tiap 2 Bulan sakali jg tgl na sarua deuih tiap tgl 5.
Kusabab panasaran nya patugas, hotel nanya ngawani wani maneh.

"Pa.... Abdi mah panasaran naha tiap bapa nginep dihotel ieu pasti nambut bt asahan,  peso jg tambang, srg kadangu dikamar suanteun nu ting geledug kanu tembok sareng aya, swanten nu ngalengis tah!  Naon nu dipidamel ku bapa, teh? ". Mang Udin Kecap asin samemeh ngajawab luak lieuk heula.

"Ieu rahasia nya,  tong nepi ka nulain apal..... Omat ieu rahasia ngan anjeun hungkul nu apal...". Ceuk jang udin Gulali bari nyaritakeun rada ngaharewos.

Kusabab patugas hotel kuat nyepeng pageuh rahasia nya  alhamdulillah,  nepi ka ayeuna euweuh nu apaleun naon nu dipigwe ku mang Udin Tralala-trililii di kmr 19 teh.

wlujeng wyah shubuh

:D :P

Tidak ada komentar: